Nani Suwarni, nyaeta wasta pun biang. Tiasa di sauran Bu Nani sareng rerencanganna. Anjeunna babar di Bogor, 25 Agustus 1977. Putri ti pasangan Bapa Darip sareng Ibu Warnah. Anjeunna putri ka 2 ti 5 saderek. Gaduh 1 lanceuk istri jeung 3 rai pameget. Anjeunna teh linggih di Bumi Menteng Asri kp.pabuaran RT 03/ RW 06, Bogor.
Pun biang parantos sakola di SD Cieurih 1 lulus taun 1990, ngalanjutkeun ka SMP Cidahu lulus taun 1993, ngalanjutkeun deui ka SMA Mandala lulus taun 1996.
Saentos lulus sakola, pun biang langsung damel di toko Robinson Bogor. Pun biang kabagian damel di bagian calana jeans. Lamina damel 2 taun, pun biang nikah sareng pun bapa taun 1999. Pun biang ngagaduhan 2 putra. Putra nu kahiji teh abdi, Firda Ardhani babar di Bogor taun 2000. Putra nu kadua teh Agistia Dwi A babar di Bogor taun 2007
Tidak ada komentar:
Posting Komentar